SAJAK : MULANG KA GUSTI (Bahasa Sunda)
By Cindy - Mei 30, 2022
Mulang Ka Gusti
Ditungtung nyawa
Nu dek misah jeung jiwa
Tiis ngahiliwir dina jero awak
Karasa ti tungtung suku ka
ubun-ubun
Paeh saraf-saraf
Awak nu kabawa jeung angin
Asa kabetot
Beuki lila beuki lengit
Panon geus kapoekan
Cai panon geus teu bisa kaluar
Sora kakonci teu bisa kaluar
Ku lalu lampah dosa
Jelema disabudereun
Ngeclakeun cai panon
Ninggal ieu jiwa
Nu rek mulang kapangkonan gusti
Bandung, 2016

0 Comments